Page:Het begingedeelte van de Carita Parahyangan.pdf/3

This page has not been proofread.

(1) //Ndĕ<h> nihan Carita Parahyangan.

Sang Rĕsi Guru mangyuga Rajaputra.

Rajaputra mis<eu>weukeun sang Kandiawan lawan sang Kandiawati sida sapilanceukan.

Ngangaranan maneh Rahiyangta Dewaraja, basa lumaku ngarajarĕsi.

Ngangaranan maneh Rahiyangta ri Mĕdang Jati. Iña sang Layu Watang. Na nu ñiyan sanghiyang Watang Ageung, basana a<ng>kat sabumi jadi manik sakurungan.

Nu miseuweukeun Pañcaputra, sang ngapatiyan sang Kusika, sang Garga, sang Mestri, sang Purusa,

(2) sang Putañjala, iña: sang Mangukuhan, sang Karungkalah, <sang Katungmaralah>, sang Sandanggrĕba, sang Writikandayun.

Hana paksi si Uwur-uwur paksi si Naragati ñayang di <ti>trayatra Bagawat Rĕsi Makundria. Dihakan anakna ku salakina, disisil ku awena.

Carek awena: "Papa urang, lamun urang teu dianak. Jeueung Bagawat[a] Rĕsi Makandria ditapa soteh papa, ja hanteu diyanak."

Carek Bagawat Rĕsi Makandria: "Dianak ku waya, ja awe oge hanteu!"

Ti iña care<k> Bagawat Rĕsi Makandria: "Ai<ng> dek leumpang ka sang Rĕsi Guru, ka Kendan."

Datang siya ka Kendan, carek sang Rĕsi Guru: "Na naha beja siya, Bagawat Rĕsi Makandria, mana siya datang ka dinih?"

"Pun samareun, aya beja kami pun. Kami me<n>ta pirabieun pun. Kena kami kapupulihan ku paksi si Uwur-uwur paksi si Naragati: papa . . . . . . . .

(4) baruk urang hanteu di[na]anak."

Carek sang Rĕsi Guru: "Leumpang siya ti heula ka batur siya deui, anaking! Leumpang siya, Puah Aksari Jabung, husir Bagawat Rĕsi Makandria na pideungeuneun satapa, anaking!"

Leumpang Pwah Rababu, datang ka baturna, hanteu diaku rabi. Ñeueung iña wedadari geulis.

Ti iña ñian maneh Pwa Mañjangan Dara, na Bagawat Rĕsi Makandria ñian manahra ñian Kĕbo Wulan. Sida pasanggamman.