Page:Kitab Pakih Soenda.pdf/54

This page has not been proofread.

mayit éta tujuh perkara. Sahiji niat nyalatkeun mayit, sarta wajib dibarengkeun niat téh jeung takbir anu mimiti; kadua nangtung; katilu maca takbir opat kali; kaopat maca patihah sanggeus takbir anu mimiti; kalima maca salawat ka nabi shallallahu 'alayhi wasalam, sanggeus takbir anu kadua; kagenep maca do'a kana mayit sanggeus takbir anu katiluna téa; ieu do'ana allahumma aghfirlahu; katujuh maca awéh salam assalamu 'alaiykum sanggeus takbir anu kaopat.

TAMAT. WALLAHU 'ALAM. IEU KITAB PAKIH SUNDA MAKTUB HAJI YUSUF PASANTRÉN WARUNG-MANGGAH SISI JALAN.