Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/1

This page has not been proofread.

No. 2

Augustus 1923

Tahoen ka 2

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - LAAN WIECHERT 13. – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 2

1. Pihatoer Redaksi Katja 17
2. Bab Wajang VII " 18
3. Babad Santjang " 22
4. Tjandra sangkala memet " 25
5. Perkawis moendoerna barang batikan " 25
6. Saha atanapi naon ari Semar? " 29


Pihatoer Redaksi.


Sakoemaha anoe parantos kapioendjoek kapoengkoer, artos langganan Poesaka-Soenda mah kedah timpah, hartosna kedah di bajar di pajoen. Ajeuna parantos dongkap kana waktosna para langganan sadaja kedah

ngintoenkeun eta artos langganan anoe moeng ƒ 3 (tiloe roepia) tea pikeun satahoeneun, ngetang ti Juli 1923, dongkap ka sasih Juni 1924. Moegi kamanah koe sadaja jen hiroepna P. S. teh, taja sanes moeng tina langganan tea, djadi oepami para Djoeragan teu enggal nohonan kana panoehoen Redaksi, tan wande P. S. kasorang bahaja. Ninggal berendelanana anoe parantos ngabajoean P. S. taoen ka doea, nja rada matak hariwang, tina entang-entangan keneh naker. Koe margi eta disoehoenkeun anoe sanget pisan ka sadajana para djoeragan anoe teu atjan ngintoen artos langganan pikeun taoen ka doea tea, soepados enggal-enggal ngawangsoelkeun deui balangko-poswesel saparantosna dilebetan perak tiloe tea, oelah sina moelang lengoh.

Para Djoeragan anoe pegat doeriat nolas moal nolih deui ka Poesaka-Soenda, nja henteu koemaha, da doelang tinande tea,

17