Page:Poesaka Soenda 1923-08-2(02).pdf/3

This page has not been proofread.
siatna bisa nekanan sagala pamenta. Naon bae anoe disoehoenkeun, koe eta tjoepoe tangtoe dikaboel. Barang eta tjoepoe parantos sok dipaparinkeun koe iboena ka Retna Andjani, saderekna anoe doea, Soebali sareng Soegriwa, raos kateler-teler, asa dimomorekeun dibedakeun ti saderekna, iboena pilih kasih tjoetjoek panon, ngan miasih ka poetra istri. Soebali sareng Soegriwa sisirikan hojong tjoepoe poesaka, bade ngareboet kagoengan raina. Ramana, anoe djenengan Gotama tea, bendoe, ningali para poetra petjoh teu rapih, ladjeng bae tjoepoe poesaka ditjandak ti poetra, keleweng dialoengkeun. Ragragna eta tjoepoe nja djadi talaga Soemala. Para poetra anoe tilu tina kabita koe kasiat poesaka anoe sakitoe langkana, enggalna tjoepoe disoesoel. Barang saroemping ka talaga Soemala, Soebali sareng Soegriwa teu antaparah deui ngan gedjeboer bae toetoeroeboen ka djero tjai neuleuman tjoepoe tea, dihaben disasaran ditjapaan dina dasar talaga.

Retna Andjani oge ningali rakana ngaroedag tjoepoe, teu kersa kantun, nguntit noetoerkeun pandeuri, sarta djol deui soemping ka sisi talaga Soemala tea. Andjeunna liren sisi tjai teu miloe antjroeb, ngawaskeun ngantos rakana ti darat, sarta koe margi rakana lami teu tembong teu aja bae bidjil, ladjeng bae Retna Andjani ka sisi tjai ditamas bari ngumbah panangan, rasa maneh mokaha lantaran teu tahan koe panas, mentas angkat sakitoe tebihna.

Tapi barang prak ngoembah panangan djeung raraj, teu kira-kira Retna Andjani reuwasna, reh dadak sakala pameunteu pinoeh koe boeloe, panangan nja kitoe deui, komo barang petjenghoel ningali rakana baridjil ti tjai, salin roepa seloear salirana rambosbos baroeloean, tjeples monjet itjal roepa satria, ganti woedjoed djadi koenjoek.

Saderek anoe tiloe narangis patoengkoe-toengkoe tina raos wirang ganti roepa, salin sipat djadi monjet. Koe margi eta tiloeanana taja petana iasa moelih deui ka nagara, ngaraos isin koe iboe koe rama, nja’baris ladjeng tatapa, neneda ka Dewa,

soepaja dibalikkeun deui roepa asal, poelih tjara baheula bihari. Eta anoe tiloe saderek arangkat ka goenoeng Soeniapringga, tatapa di dinja. Demi pasang petana tapa tiloeanana teu sami, Soebali tapa soengsang dina dahan kai tjara kalong meuting, mastaka noetoeg ka handap, siang wengi teu loengsoer geus teu dahar teu leueut.

Ari Soegriwa tjara lakoe peutjang mandjangan, mahpralan dangdaoenan djoedjoekoetan, ngenjoh teu aja eureunna.

Retna Andjani njangheuj dina sisi tjai, ngeueum andjeun kawas bangkong.

Mang taoen-taoen eta tiloe saderek tapana kitoe, siang wengi teu kendat neneda ka Dewa anoe kawasa.

Katjarioskeun lami ti lami katingali koe Sang Oeti-pati, noe tapa sakitoe tjengeng mantengna, nja digandjar koe adjian kasaktian. Raden Soebali ditibanan mantra “Pantjasona”, adjian anoe kasiatna bisa paeh hiroep deui, sababaraha kali bae keuna koe pakarang, nadjan sirah tepi ka patoeraj, tangtoe tepoeng bisa hiroep deui.

Sigegkeun anoe keur tapa kotjapkeun di Djonggring-salaka di sawarga kadewatan, Dewa-dewa keur pada kataradjang soesah, wireh sawarga baris dirandjah diroeksak deuk diroegroeg koe moesoeh oerang boeana pantja tengah, anoe djenengan Maesasoera, radja boeta anoe sirahna kawas sirah moending, tandoek ranggaek, pandjangna doea-doea depa, katjeloek sakti manggoelang-manggoeling, gagah hese neangan bangsana, nepi ka Dewa gimir pada miris, pisakoemahaeun lamoen tepi ka Sawarga kagiridig boeta.

Para Dewa pada goenem tjatoer, ka saha geusan nyarandoe, moendoet toeloeng dipanglawankeun moesoeh. Enggalna geus rempag sadaja jen kedah mindangsaraja ka Raden Soebali anoe keur tatapa di goenoeng Soeniapringga, karana ngan andjeunna anoe pikadada-kadoegaeun njangga karosaanana Maesasoera.

Raden Soebali sareng Soegriwa dipoendoetan toeloeng koe Dewa teh enggal sanggem bae, komo ngadangoe boeroeh, anoe baris dianggo pampoelang tarima ti Dewa nja eta oepama Maesasoera tepi ka paeh baris digandjar poetri geulis anoe djene-