Page:Poesaka Soenda 1923-10-2(04).pdf/5

This page has not been proofread.

Sadatěng nireng âçrama sang maharsi, měnggěp ta sirâměng-aměng angalap sinwam ning nâgapuspa. Teka tang mandamâruta, hangin alon sumingkabaěn tapih nira. Kahadang tinghal sang Wiçwâmitra, rumaras ta hati nira, apan pinanah desang hyang Kâma. Kěna Madanâstra sira, mahyun ta ya sumanggamâ irikang Apsarî, matang yan masangyoga sira wěkasan, sumanggame sang Menakâ. Bhinukti nira tang kâmarasa, amětěng ta sang Menakâ. Mângěn-angěn ta sang Menakâ, huwus ikang prayojana kasidha, ri pakon bhatârendrâmighnana tapa sang Wiçwâmitra. Yogya ta sira muliheng swarga, mangkana marah nira.

Hana ta iwah ring Malinî tus ning Himawânpâda. Ya ta tinût mindûhur, i tîra nikang iwah mânak-anak ta sira strî, kawěkas i pinggir nikang patirtham ikang rare. Lunghâ ta sang Menakâ mulih rng swarga, wabhâwa nistrsna sira. Kâri tang rare pinariwrtta de ning manak, atyanta kâsyasih ning rara. Kunang bhagawân Wiçwâmitra, sira ta lunghâtilar patapan.

Kathancit ta bhagawân kangwanglap sěkar tût pinggir ning Mâlinînadi. Kapangguh tang rarat pinariwrta de ning manuk çakuni, pinipil ning bhujangga ta ya, iningu sinangaskâra, inaran sang Çakuntalä, apan çakunî ngûni mawariwrta ya. Nâhan ta hetu bhujangga haji makânak angraray?

An-mangkana pawarah nira mpu tamuy ti haji. Ikang si Çakuntalâ singgih ike, tâpî sumwâgata ri pâduka çrî maharaja.”

Mangkana pâjar sang brâhmana tamuy i sira. Irika ta maharârâja Duçwanta sarâga. Uttamajanma ta kari kita sang tâpinî, mak ning widyâharî mwang wiku çakti siddhi. Yogya ta kita binihajyangku.

Sasoempingna ka patapan Sang maha Resi, Dewi Manaka api-api amengan bari metikan poetjoek tangkal nagapoespa. Hiliwir angin leutik ngadalingding sindjangna sang Widadari ngahelab kasilir angin. Rèt katingali koe Sang Wicwamitra, seblak loemenjap manahna, keuna koe panahna Sang Hijang Kama. Teurak koe panahna Dèwa birahi, soemedot kalboena kapintjoet koe Sang Widadari. Wekasanana galihana ngabèlok ka noe dènok kagèmbang koe Dewi Manaka. Katadji koe asih toeloej saloeloet, Sang Manaka, tinekanan panggodana, ngambangkeun kersana Batara Indra, ngabatalkeun tatapana Sang Wicwamitra, Mangkana dina manahna, geus ninggang mangsa koedoe moelih k sawarga.

Ka dinja aja waloengan ngotjor, Tji Malini ngaranna, sirahna di soekoe goenoeng Himawan. Dewi manaka mapaj waloengan ka girang, di peuntas na sisi tjai brol andjeunna babar poetrana istri. Tjoel moerangkalihna mah dikantoen di sisi tampian. Dèwi Manaka mah moelih ka sawarga, da bakatna tèa widadari mah tara boga kanjaah ka poetra Moerangkalih, matak watir tjoel baè teu dipalirè diraksa koe maoek-manoek. Kotjap bagawan Wicwamitra mah medal tilar patapan.

Katjarioskeun bagawan Kanwa keur ngala kekembangan di sisi Tji Malini, Kapanggih moerangkalih anoe keur di roehoeng koe manuk cakuni tèh. Koe Sang Resi dipangkon ladjeng dirorok didjenengan cakuntala da kapendakna keur dirioeng koe manoek cakuni. Tah kitoe margina noe mawi koe Sang Bagawan èta moerangkalih dipipoetra.

Kitoe kasaoeranana brahmana tatamoe ka Sang Adji „Nja èta Cakuntala tèh, istri patapan, anoe ngabagèakeun (mapag) ka Padoeka Sri Maharadja.”

Kitoe kasaoeranana Brahmana tamoe ka Sang Praboe. Soemeblak manah kangdjeng Radja Ducwanta ngait galihna ka noe geulis. Estoe djelema oetama andjeun tèh istri patapan, poetra widadari djeung wikoe sakti. Andjeun perjoga djadi garwa radja