Page:Poesaka Soenda 1923-12-2(06).pdf/7

This page has not been proofread.
garwa Rd. Ar. Djajeng Resmi sareng Djajeng Tilam diiringi koe panakawan doea Coesberok djeung Goespoeja, ka patapan Tjengkal sewoe, tapi Adjar Saloka, sareng garwana eta doea satria tea geus teu aja, Tjarik pioendjoek: Sang Adjar poepoes aja anoe ngabegal di djalan, doeka dibojong, doeka moeboes, moeng moal boa deui kawasna dibojong koe moesoeh anoe teu poegoeh losna tea.

Doea satria sangsara ngilari garwana.

Doea satria ngadangoe wartos di lemboer Dadapan bawahan Bodjanagara aja randa boga anak doea gareulis.

Koe satria didongdon soegan djeung soegan.

. . . . . . . . . . . .

6. Di lemboer Dadapan, Nji Randa keur ngaririhan poetri noe doea Ken Poespita Wati sareng Ken Poespita Sari, soepaja kersa dipigarwa koe ratoe Bodjanagara. Poetri dibibita koe Nji Randa.

Poetri narangis tina emoet ka tjaroge, moentang ka noe kawasa, hojong geura di djait tina prihatin, tepang deui djeung rakana, anoe diarep-arep siang wengi.

Djol soemping satria doeaan, teu samar deui tetela tjarogena, gabroeg silih rangkoel silih tangisan, sosonoan patepang dina kalaraan.

Nji Randa poengak-pingoek larak-lirik samar rampa.

Nji Randa tjeurik neda hampoera ka satria, toeloej bebedja ka nagara. Radja Bodjanagara bendoe ka satria anoe doeaan.

Lemboer Dadapan dikepoeng koe wadia bala, satria koedoe ditangkep.

. . . . . . . . . . . .

7. Kotjap Patih Adipati Satama djeung garwana anoe djenengan Njai Satomi, asroek-asroekan ngilari timbalan ratoe, toeroen goenoeng oenggah goenoeng.

Noedjoe keur aja di goenoeng Wela Hoeloe, tengah wengi, Patih Satama nampi wangsiting dewa, jen geusan ngalaksanakeun pamoendoet ratoena teh, andjeunna djeung garwana koedoe tatapa, koelem di djero goeha anoe aja ditengah-tengahna leuweung Wela Hoeloe tea.

Djengkar ngilari goeha pitempateun tatapa.

Patih Satama tepang sareng 10 djelema anoe keur ngarala kai.

Anoe 10 djelema dihiras ngadamel lombang djero, diboeroehan doenja barana.

Lombang anggeus. Istri-pameget wengina lalebet ka djero lombang bade tatapa, dikarimboen koe sindjang dodot. Barang parantos 40 dinten 40 wengi tatapana, bidjil haseup sorana ngageleger sada gelap ngampar.

Sora kadangoe ka Kapatihan. Para poetra gehger, doemeuheus ka Kangdjeng Radja ngoendjoekkeun wangsit ramana.

Oetoesan Ratoe ngoengsi ka goenoeng Wela hoeloe, meunang raratan ti djelema 10 toekang ngala kai tea.

Lombang diteang beh katingali siga doea djelema anoe keur koelem sakampoeh koe sindjang kebat.

Arja Lowang teu samar jen eta sindjang anggoan aboena, enggal toetoeroeboen ka djero lombang, kampoeh di boeka.

Kaget sadaja, Arja Lowang nangis, reh barang braj sindjang diboeka, itjal jasad Patih Satama sareng garwana Njai Satomi, beh aja mariem doea. Mariem ditangisan koe para poetra.

Marien digotong koe wadia bala ditjandak ka nagara.

. . . . . . . . . . . . .

8. Di nagara Bodjanagara, Sang Praboe dideuheusan koe Patih sareng para Boepati mantjanagara.

Patih oendjoekan ngoeningakeun paraponggawa anoe ditimbalan ka Dadapan, meh sadaja tjarem kasamboet kawon djoerit koe satria anoe ngakoekeun salaki Ken Poespita Wati djeung Ken Poespita Sari. Kangdjeng Radja bendoe, nimbalan ngaroeroeg

. . . . . . . . . . . . .

9. Dadapan dikepoeng. Raden Djajeng Resmi sareng Raden Djajeng Tilam diperangan koe balad Bodjanagara, Balad Bodjanagara eleh kabeh.

Radja Bodjanagara madjeng perang, barang gok adoe hareupan, katingali jen Satria Poetra Padjadjaran, gabroeg dirontok ditangisan, Sang Radja moendoet hapoenten. Sang Radja Bodjanagara nimbalan Patih njajagikeun tandoe djoli djeung djampana anggoeun poetra-poetri.

87