Page:Poesaka Soenda 1923-12-2(06).pdf/8

This page has not been proofread.

Broel moelih ka Galoeh diiring koe wadia bala Bodjanagara.

. . . . . . . . . .

10. Di nagara Galoeh, Kangdjeng Praboe dideuheusan koe R. A. Djajeng Sari sareng para Boepati, keur ngadjeng-ngadjeng rai-rai anoe mapag garwa teu atjan saroemping keneh bae.

Sabot keur kitoe broel aleutan ti Bodjanagara soemping. Rd. Djajeng Resmi, Rd. Djajeng Tilam sareng garwa-garwana, nja kitoe deui Praboe Darma Soesena sareng para boepati lalebet ka Kadaton, doemeuheus ka kangdjeng Praboe.

Para ponggawa Galoeh anoe ngagotong mariem, diiringkeun koe Rad Arja Lowang poetra Patih Satama, saroemping ka nagara.

Kangdjeng Praboe soeka-doeka ningali kadjadianana papatih Satama sareng garwana, ganti djisim tigin sadawoehan.

Mariem dingaranan Satama sareng Satomi.

Raden ArjaLowang didjenengkeun papatih ngagentos ramana, dipaparin djenengan Adipati Bodjolewang.

. . . . . . . . . .

Kangdjeng Praboe ngadawoeh ka Rai Dalem Rad. Ar. Among Sari, dawoehanana: “Kakang katjida soesahna pedah tjeuli njeri teu aja mendingna, tepi ka ajeuna geus koerang roengoe, oebar sagala oebar, oebar taja noe mental. Kakang nampi wangsiting Dewa, koedoe dilandongan koe getih djeung hamperoe landak.

Ajeuna taja deui anoe koe kakang diperih ngan adi pribadi, koedoe boeroe-boeroe moro landak masing meunang!”.

Raden Arja Among Sari njanggeman satimbalan rakana, harita keneh djengkar disarengan koe Rad. Soerengpati sareng Rd.

11. Soeranggapati Raden Arja Among Sari sabaladna soemping ka tengah leuweung bade moro landak; ngoebek dihaben disaksrak weleh teu mendak tapak-tapakna atjan. Kaleresan barang eta tiloe satria soemping kana lamping hidji pasir, mendak landak sahidji. Landak diboeroe koe tiloean lapoer, aboes manten kana liangna.

Tiloe satria barempag Rd. Soeranggapati diperih koedoe njoesoel ka djero liang anoe doeaan megat ti loear.

Rad. Soeranggapati gebloes ka djero

goeha, kawenehan, salin tinggal asa aoep ka nagara. Soemping ka karaton agreng, djelema balawiri. Raden Soeranggapati mariksakeun ka hidji djelema anoe dioek dipaseban agoeng saoerna: “ Ki Sanak, ieu teh nagara naon ngaranna mana rame-rame teuing, djeung saha anoe kagoengan nagara?”.

Walon anoe ditaroes “ Bisi teu oeninga nja ieu anoe katelah nagara Kandapan teh, ari anoe djoemeneng Ratoe kakasihna Praboe Anggapati!”.

Saoer Raden: Aja naon djelema mana objag pasoelibrengan kieu, kawas keur aja kasoesah!”

Walon anoe ditaroes:” Weu enja pisan, djelema keur pada soesah, miloe soesah ka Kangdjeng radja, pedah poetri poetra Kangdjeng Radja, teu damang wales, ari asalna moelih pelesiran, soemping-soemping broek teu damang, dongkap ka ajeuna teu iasa goegah-goegah atjan.

Doekoen-doekoen dikeloen paradji dikerid, tapi weleh teu aja anoe bisa ngadamangkeun.

Anoe mawi ladjeng Kangdjeng Radja ngadamel saembara kieu:Saha-saha anoe bisa njageurkeun kasawat poetri, baris teroes dipoeloeng mantoe ditikahkeun ka poetri, sarta didjoengdjoeng djadi Radja Anom marentah nagar sabeulah.

Tah anoe mawi sakieu objagna teh pedah keur saembara. Tjing soegan andika iasa ngalandongan, mangga oepami kersa koe koering didjadjapkeun diiring ka karaton!”.

Saoer Rad. Soeranggapati:nja oerang balagondjangan bae, soegan djeung soegan!”

Lalebet ka karaton.

. . . . . . . . . .

12. Di karaton Kandapan, Praboe Ganggapati dideuheusan koe Patih Ganggastoera sareng para najaka, keur goenem tjatoer njarioskeun poetri Anggranari teu damang wales, geus disamarkeun menjat deui.

Djol dongkap ngabei Grogol ngiringkeun Rd. Soerenggapati, sarta dioendjoekkeun jen sanggem ngalandongan poetri.

Kangdjeng Radja soeka galik, boedal ka Kapoetren.

Sang Poetri kasawatna wales diroeboeng-roeboeng koe para emban.

88