Page:Poesaka Soenda 1923-12-2(06).pdf/9

This page has not been proofread.

Koe Rd. Soerenggapati dilandongan koe lisah sang kalpoetoeng, Poetri dadak sakala damang.

13. Rd. Soerenggapati diangkat djadi Praboe Anom, ngamilik Sang Poetri, soekan-soekan oleng panganten.

Praboe anom, gentos anggoan paparin garwana.

Praboe Anom hojong ngadjadjah nagara Broel para goelang-goelang ti pajoen, anoe ngiring ratoes-ratoes.

14. Rd. Arja Among Sari. Ngabehi Soerengpati sareng sadaja oerang lemboer anoe keur ngantos Rd. Soerenggapati, ningal landak njeksrek bidjil tina liang.

Pahiboet landak ditewak, anah kabeuh lindeuk da keur ngiring ratoena. Beh katingali ratoe landak ngadjoenggiring diabring-abring, rek pada newak kaboeroe ngedjat aboes kana liang. Praboe Anom mah ningali ka Rd. Soeranggapati, enggal ngedjat ngagentos panganggo sarta djleg djadi Rd. Soerenggapati deui, mendakan ka anoe keur moro landak tea,. Ditjarioskeun lalakonna. Boedal ti pamoroan moelih ka nagara, doemeuheus ka Kandjeng Radja, njarioskeun lalakon kawenehan sareng njanggakeun landong.

Kandjeng Radja damang.

. . . . . . . . . .

15. Katjarioskeun Radja Kandapan, Praboe Ganggaspati bendoe ka oerang Galoeh, rah mantoe kabojong balad dikaniaja. Nimbalan mapak bala ngaroeroeg ka Galoeh.

Nagara Galoeh diroeksak landak.

Praboe Galoeh moendoet toeloeng ka Bagawan Noesoek Toenggal pikeun njegah landak. Oerang Galoeh dipaparin gagaman wit rodamala (bagal gebog), landak maboer katawoeran.


Tantjeb kajon

Adat noe kapapatenan di Tjonggeang


Ajeuna mah kawasna di dieu di oerang geus di sakoeliahna ana aja noe kapapatenan teh prak-prakanana moelasara majit liahar metakeun talari papagon agamana,

oerang Islam noeroetkeun atoeran Islam, oerang Kristen noeroetkeun atoeran Kristen.

Tapi koemaha ari petana oerang Soenda baheula dina parkna moelasara majit?

Tangtos pisan benten deui ti ajeuna.

Ieu di handap diserat kenging njoetat tina boekoe panglajang Bat. Gen. karangan Rad. Karta Winata Djoeragan Patih Soekaboemi marhoem, (nalika njepeng damel di Soemedang), bab adat kapapatenan oerang desa Bengang katjamatan Boeah-doea distrik Tjoengeang, apdeling Soemedang.

Adat kieu teh antjal-antjalan ajana, ngan kari di djelema anoe atjan sakoemaha kapandjinganana agama Islam bae, nja eta anoe ngoekoehan keneh kaboehoenan, kitoe oge dina pok-pokanana mah geus rea lambonanana, tjampoer Soenda Arab djeung Djawa.

. . . . . . . . . .

Anoe rek maot keur ngahandjoe rek ngaleupaskeun njawa, lain didikiran atawa dipangadjikeun, tapi dikawihan, lagoena geus ngabakoe tjara kawih pantoen atawa tjara lagoe ronggeng. Kieu pok-pokan kawihna:

Tobat Allah,
Eling-eling kai djisim,
Boeboehan koe kakolotan,
Toemoeroeb tjahjaning Allah,
Tobat Allah Wali joellah,
Tobat Allah Toewan Toeban,
Nja Toewan Pangeran isoen,
Mikaloeloe sipat woloe,
Dikamoedi iman tohid,
Dibasehan koe maripat,
Tihang lajar pantjer iman,
Soekma moelih badan moelang,
Nja moelang ti alam doenja,
Nja moelih ti alam boemi,
Koelintjer di lemah soetji,
Datangna rahmat toellah,
Lantas ka djati sampoerna,
Ja hoe, ja Allah, ja hoe, ja Allah.

. . . . . . . . . .

Dikawihanana nepi ka lastarina. Sanggeus les kakara eureun sarta majit di roeroeb. Dina njiramanana oge aja anoe koedoe dipapatkeun, kieu pok-pokanana:

Sang ratoe Pangeran Hantaroem,
Sang Ratoe Noer gaib,
Dat ing iman,
Rat ing iman,

89