Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/10

This page has not been proofread.
bohong mah. Anoe dagang mani neba. Atoeh da sanes oerang dieu bae anoe daratang teh, make aya anoe ti Djawa, ti Banten, ti Batawi sagala.

Sapertos maleman ngarak Pandjang-djimat di Tjirebon, atanapi anoe djarah ka Tjikadoeeun Banten, manawi?

Henteu ari tjara Moeloed di Tjirebon atanapi Tjikadoeeun mah, kawantoe Pamidjahan mah kelek djalan, henteu nampeu kana kareta api. Tjatjakan oepami Pamidjahan palebah Manondjaja, kawas moal katjek koe Tjikadoeeun teh, doeka ari ngoedag ka Tjirebon mah.

Doepi eta anoe darongkap teh, naon babakoena maksoedna, naha bade djarah-djarah biasa bae, atanapi minangka moedja?

Hih, roepi-roepi, aja anoe ngahadja djarah, aja anoe boga maksoed, teu tiasa ditangtoskeun; henteu sapertos ka Pamoedjaan di Goenoeng Kromong atanapi ka Kawah Tangkoeban Parahoe Bandoeng, ka Tjerlang di Banten tea, eta mah toekoeh toedoeh kana hidji maksoed, anoe hajang beunghar, arek ngetek, njoepang; ari anoe ka Pamidjahan mah ilahar ka karamat bae, pada njoehoenkeun moedjidjatna, kawantoe ka makam Wali.

Sapertos anoe sering darongkap ka Pamidjahan, bangsa anoe baroga kasoesah, hajang salamet, leupas tina kasoesahna, anoe keuna perkara, anoe hajang naek pangkat. Malah parantos sering mendakan, aja awewe datang ka Pamidjahan, maksoedna arek njoehoenkeun karamat Seh Abdoel Moehji, soepaja dibalikeun deui ka popotonganana. Aja deui awewe anoe keur nandang kanjeri, kabajahkeun koe maroena, bedjana ari datang ka imahna njampak maroena geus dilisanan, diserahkeun koe salakina. Bangsa Ambtenar oge rea anoe ka darinja meureun harajang naek pangkat. Ngan aja anoe njarios ari menak mah teu rea anoe ka dinja, sok meunang tjilaka, tjenah.

Koemaha oepami kitoe, bangsa djelema djahat, bangsat, rampog, aja anoe darongkap?

Hih kantenan aja mah. Ngan tara aja anoe dimakboel ari anoe kitu mah. Malah aja tjarios kieu: Hidji mangsa djol hidji bangsat ka dinja, dek neneda hajang laksana ngabongkar imah toean kontrak anoe beung-

har, sing salamet oelah katangkep. Atoeh koe koentjen diperenahkeun bae, dek neneda. Na ari reup sare manehna ngimpi diamoek moending edan, diomprot, dihaben diobrot. Atoeh anoe keur sare teh walahwah-weuleuhweuh hoedang tiboeboerandjat. Tapi teu weudeu, dek deui bae neneda. Sabot keur lelejepan, djoel koendial bae nendjo hileud sitataroe sagede goeloengan kasur, kasieunna kagilana koe hileud teh. Atoeh ngan betjir bae teu nolih dinaon-naon bawaning koe sieun. Koe koentjen ditjaritakeun jen pamenta anoe saroepa kitoe mah lain kadinja lempengna, salah djalan.

Djadi makboel henteuna pamaksoedan oerang teh koe impian?

Babakoena jaktos kitoe koe ilapat. Tah oepami aja Djoeroetoelis atawa Tjamat anoe dinesna tos lami, hajang geura-geura oenggah kapangkatan, mondok di Pamidjahan. Lamoen dikaboel panoehoenna sok ngimpi nanjak ka goenoeng, atawa ngimpi dipajoengan. Engke impian (ilapat) teh ditjaritakeun ka koentjen; koe koentjen diterangkeun naon pihartieunana. Lamoen ngimpi palid, titeuleun, kabawa tjaah, atawa ngimpi ragrag, weu lapoer eta mah alamat sial.

Tapi aja oge anoe henteu malar ilapat, ngan datang ngarah karamatna bae woengkoel.

Doepi eta Seh Moehji linggihna di Pamidjahan teh naon damelna? Kapan Soenan Goenoeng Djati mah ngahiras kana djadi radja deui. Ari Seh Moehji mah henteu katjarioskeun njepeng kakawasaan nagara, moeng aja wartosna kana ngawoelang agama, patarekan Satariah noe diamalkeun koe anjeunna, tjariosna ari Seh Abdoel Moehji tea, nja moeridna Seh Abdoel Kadir Djaelani, Wali Koetoeb anoe pangkakontjarana, anoe makamna ajeuna dipoesti-poesti keneh di Sedan. . . . . . . . .

Ke, bek rada helok. Sanes ari Seh Abdoel Kadir Djaelani mah agemanana patarekan Kadariah tea? Malah kapan wartosna patarekan Kadariah teh, nja hodjah andjeunna pisan.

Jaktos kitoe; nanging kawasna kieu eta teh. Ngawiridkeunnana ka Seh Moehji nalika Seh Abdoel Kadir Djaelani teu atjan kagoengan pokal koe anjeun, keur masih keneh

154