Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/11

This page has not been proofread.
ngagem kasatariahan; kapan eta mah Satariah langkoeng kolot batan Kadariah tea. Kitoe oge, manawi, henteu tiasa netepkeun mah.

Saha didieu di oerang moerid Seh Moehji anoe kawentar djenenganana?

Hih seueur, sanes hidji doea, ari anoe katjeloek moeridna anoe di Tjirebon djenenganana Bagoes Noedjain, Kiai Boedoer, dj. s. t. Eta anoe teu atjan kahartos the, naon margina noe mawi sakitoe diloehoengkeunana koe bangsa oerang, dipoendjoeng-poendjoeng tepi ka kiwari?

Hih teu aja lian eta mah, kadjabi ti kanjahoan karamatna eukeurna djoemeneng keneh, sanes karasa koe anoe mertjaja karamatna sanggeus anjeunna sah ti dunja. Geura engke, oerang tanggap bae koentjenna sina ngadongengkeun karamat Seh Moehji eukeurna aja keneh dikieuna.

Tah ti Tasikmalaja teh oerang ngalangkoeng Soekaradja, Tjibalong, Parakan hondje, nja djol ka Saparwadi, nja ieu Pamidjahan tea, ari nelah di dinja mah nja Saparwadi. Toeh gening masdjidna geus tembong; eta teh pepentolna, toeh anoe dina poentjak soehoenanana, dadamelan Seh Moehji koe anjeun, estoe tapak pananganana, ngabakalanana, ngabangoenna, ngoekirna; ajeuna beleger keneh mangkaning parantos sabaraha ratoes taoen dongkap ka ajeuna. Toeh ari itoe bumi Panembahan Anom anoe beulah kentja, ari itoe Panembahan Sepoeh, nja anjeunna anoe minangka koentjenna. Eta teh toeroenan Seh Moehji. Geura oerang teroes bae heulaanan, toeh ti sasak oerang nandjak itoe kana tangga anoe bras ka makam. Rada teu woedoe tjape kawantos tanggana oge aja 125 hambal sadajana. Nanging itoe dina pantjoeran oerang kedah woeloe heula.

Ieu makam Seh Moehji teh?

Itoe beh ditoe, ieu mah makam anjar-anjar; malah toeh anoe itoe, pasareanana Wadana pangsioen. Toeh ari makam Seh Moehji mah itoe anoe nganggo dikoelamboean saniskanten, dikoebeng kawat sakoerilingna, oerang kedah ngaliwat benteng heula.

Karaosna geueuman, sareng ieu koe arioeh matak betah teu asa di makam. Kawoewoeh-woewoeh moal aja keueungna ieu mah, da sakieu seueurna djelema anoe ngaradji, anoe keur djararah.

Kantenan, ieu teh meh teu aja towongna siang wengi, malah seueur oge anoe marondok, kawantos itoe mah apan toeroet sisi tembok dipapajonan, djadi toemaninah pisan nadjan bade marondok oge, da dipalester saniskanten.

Doepi eta roeas awi anoe disarandingkeun koe anoe keur djararah teh, roeas naon?

Dieusi tjai, tjaina tjai biasa bae, ngan engke dimana maroelang, eta roeas teh dibarawa ari tjaina nja diparake djimat, pikeun tamba atawa pikeun saniskanten bae, aja oge anoe dikasawahkeun, dibandjoerkeun dina soengapan ngarah tjoekoep makaja.

Doepi itoe sapalih deui makam saha?

Itoe anoe sisi beulah kidoel makam garwa djeung para poetra. Nja eta:

  1. Nji Mas Ajoe Patimah,
  2. Sembah Ajoe Tangga,

ari anoe ka opat, makam putra anoe djenenganana Bagoes Moehji Aldin Adjidin. Ari itoe dina makam anoe sisi beulah wetan, aja tiloe nja eta:

  1. Sembah Ajoe Bakta, garwa anoe mimiti,
  2. Dalem Bodjong, poetrana,

ari anoe ka tiloe makamna Kandjeng Dalem Wiradadaha, anoe katelah Dalem Pamidjahan tea.

Ari itoe anoe sisi beulah koelon, makam poetrana keneh, anoe djenengan Seh Hadji Abdullah.

Ieu mah manawi bentengna teu atjan lami.

Aja titimangsana, geura aos bae itoe dina loehoereun erang-erang lawangna. Anoe ti loear anoe latar beureum aksarana koe eremas kieu oenggelna:

(Koe margi di kantor tjitak teu aja aksara Arab, djadi, teu tiasa diserat pokpokanana basa Arabna, ieu moeng salinanana woengkoel).

Pisoendaeunana kinten-kinteen kieu: Ieu lawang makam Se Abdoel Moehji di Saparwadi. Oepama arandika rek arasoep ka djero, koedoe hadiah heula ka andjeunna, sarta satoengtoeng aja di djoero koedoe

155