Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/15

This page has not been proofread.
Kèbon Radja di Bogor; koe lantaran eta Pameungpeuk têh sakadar~kadar rada kamashoer; malah Frins Adolf ogè rakana Frins Hendrik, nalika pelesir ka Hindia geus merloekeun ningali ka eta tempat.

Baheula mah district Pameungpeuk tèh ngaranna lain Pameungpeuk tapi Nagara.

Koe naon pangdingaranan Nagara bet asa nënggang ti noe lian, kapan noe diseboet nagara mah ramè, ri ieu boro-boro ka ramè tea kapan ajana ogè di pasisian Garoet, sisi Laoet-Kidoel!

Kieu ri saoer sëpoeh mah: diseboet sotèh Nagara nja eta pèdah pinagara-eun, djagana bakal djadi nagara noe ramè alah batan Batawi ajeuna; djaga mah dimana geus djadi nagara, geus datang ka oegana, Batawi teh moal sadjèrê-djêreeunana atjan; keur totondéna, oepama neundeun koelit moending sarirang di tengah dja1an ka Tjilaoet-eureun, moal koengsi nepi ka sapoè kaboeroe mantèn djadi leboe, tina koe loba-lobana noe ngaliwat.

Sepoeh-sepoeh noe palertjaja kana oega gëtem naker ana njararioskeun hal eta teh, malah doegi ka diètjès-ètjèskeun disebatan pitempateunana keur djaga teh, sapértos:

Katja-katjana, ti beulah koelon: Tji mangké (kirang langkoeng 7 pal ti aloen-aloen Pameungpeuk); ti wètan. Pagembrongan (kirang langkoeng 4 pal satengah ti aloen-aloen ajeuna), djadi pilegaeunana kota têh kinten-kinten 11 pal satengah.

Ngaran témpat-tempat ajeuna saoerna, lain sabongbrong kaseuseueuranana eta teh prasasat keur tjawisan, kajaning:

Pagêmbrongan (wètaneun Pameungpeuk, kabawah koe onderdistrict Tjibaregbeg, ajeunana ngeplak tegal saliara sapalih geus dikarebonan) di dinja tèh pikeun? pasar, sababna noe matak disebat Pagembrongan ogé nja eta pedah djelema ti mana-mana teh di dinja bakal ngagalalembrongna, lantaran di dinja teh baris pasar gedè.

Belengbeng (ajeunana rantja djeung to-gal pangangonan) keur sawah, da sawah Pameungpeuk ajeuna mah (Tegal boeleud) ëngkena beak dipaké palaboean.

Sawah Tégal-boeleud (sisi kota Pameungpeuk) tah nja di dinja tjenah keur palaboean teh, engkena eta sawah tèh dikëdoek ti kidoel watesna pasir, keur wates minangka aling-aling djeung laoet, ari sisi palaboean ti kaler nja kota Pameungpeuk ajeuna, djadi dina sawah ajeuna teh djaga mah djadi tempat pasoeliwerna kapal noe hilir moedik, kawas di Tandjoeng Priok kiwari.

Paboearan (koeloneun Pameungpeuk, hidji kampoeng bawahan desa Mantjagahar), noe mimiti patamboear tèh nja oerang kampoeng eta, ari lantaranana pang patamboear, aboes kana paribasa djati kasilih koe djoenti, hartina priboemi kasedekeun koe semah kapaksa koedoe ingkah ninggalkeun lemboer matoeh diandih koe anoe anjar datang.

Tegah-lajang (kiwarina tegal ngentak pamoroan oentjal mentjek) noe matak dingaranan kitoe teh nja eta tjawisan pikeun tompat soerat-soerat, meureun moen disoerahan koe oerang ajeuna mah keur tempat kantor-kantor, tjara kantor, departement-departement, di dinja moengpoengna.

Pangawaren (tegal saliara entakan djamangbaoe-baoe ampir satoengtoeng deulen, djalan ka Tjilaoet-eureun), tah nja di dinja tjënah pitëmpateun gedong noe alagreng teh. Aja deui noe nerangkeun di Pangawaren teh bakal aja leuit salawe djadjar, sadjadjarna salawe-salawè, malah tjeuk sawareh mah leuit-beuit djeung gedong-gedong teh ajeuna oge geus aja, keur tjawisan djaga, ngan di djero taneuh keneh, engke teh dimana rèk djadi nagara bener, djol-djol jleg bae aja, noe matak di Pangawaren mah ana ditintjak taneuhna sok ngagelendroeng, (Nanging djisim koering sëring mendakan salian di Pangawaren oge di tempat anoe sisi laoet mah seeur pisan tempat anoe ditintjak sok haroes ngagelendnoeng, panginten bae koemangi di handapna keusik bear (ngeproel) . di loehoer taneuh, djadi tiasa haroes djalaran di handap seueur tempat hawa anoe teu padet kaeusian koe roepi

159