Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/2

This page has not been proofread.

MATARAM.


Samboengan P. S. N. 8.

Geura oerang ladjengkeun deui salsilahna Djaka Tingkir anoe baloekarna iasa ngaheujeuk Djawa madeg radja di Padjang, ti taoen 1503 doegi ka taoen 1540 (taoen Djawa) noemoetkeun papajan hidji-hidjina babad, sakoemaha anoe parantos ditaratas dina P. S. N. 8.

Katjarioskeun keur mangsa Madjapait ngadeg keneh karadjaan, anoe djadi Papatih djenenganana Mahoedara, kagoengan saderek pameget hidji djenenganana Raden Djeoroe, anoe kawentar gentoer tapana, ahli njepi diri di noe roempil, samedi ngisat salira, mentjilkeun andjeun di poentjakna Goenoeng Ngedoek.

Samemeh andjeunna mandita ngantoen pangadjakna hawa doenja, mangsa aja di nagara andjeuna geus kagoengan hidji poetra istri, geulis kawanti-wanti, endah teu aja bangsana, rea nonoman noe heroj kabongroj; moeng awitna Nji Poetri keukeuh pengkoeh teu bengbatan teu elodan, teu mirosea djadjaka anoe kabita, woengkoel djoenoen toehoe kana woeroek sepoeh. Nanging tina direwong koe pirang-pirang panggoda, mangkaning istri keur meudjeuhna toeroen amis tjaoe, toeroeg-toeroeg anoe djadi panggoda lain djalma samanea, make aja aden-aden njiliwoeri sagala roepa; toengtoengna Nji Poetri kegembang; keuna koe kematna tali-roma adji lahir panggendaman, kapintjoet koe noe mindah warna, boeaja mangroepa djalma, djadi perdjaka pertjeka, akon-akon djenengan Raden Bandjoel Sengara. Ari ajeuna mah Raden tina kadjadjaden, boeaja ti kali Samanggi.

Tina katalandjoeran lantaran pelit-rikipna noe djadi bapa-maling, toengtoengna Nji Poetri kapalingan, tjoepar pangawasa salira, iboe rama henteu aja noe oeninga, jen titis toelis poetra istri geus ngaraga doea, beunangna soesoeloempoetan.

Nanging kawantos benten deui ti peujeum, nja lami-lami mah koe ramana katangen oge. Atoeh moeng kantoen wirangna nawakoe neumbleuh ka sepoeh noe nadah katempoehanana, wiwirang di kolong tjatang; nja koe margi eta ramana mah doegi ka lali kana salira, bleng bae mitjeun andjeun ka leuweung tea, ngantoen kamoekten nagara, tatapa ngaloebarkeun katoegenahan.

Katjarioskeun barang tepi ka mangsa Nji Poetri babar poetrana pameget, kasep ngalenggereng koneng, moeloes taja koetjiwana, poepoeton iboe djeung rama. Doepi ramana eta moerangkalih, nja eta ki kadjadjaden tea, soempingna ngalajad poetra garwa teh ngan oekoer wengi, da ari siang mah aja di sisi leuwi; geus biasa moelih soeboeh memeh medal tjahja terang.

Kitoe deui andjeunna omat-omatan orek-orekan, jen bisi djeung bisa kalepasan kasiangan, poma pisan oelah aja pakakas istri anoe kapendak ngaloeloehoeran ka andjeunna, karana tan wande pinanggih bahla, bobor karahajoean matak baroentak sarerea.

Tariking tjilaka salira noe mindah warna, dina hidji wengi koelem tibra kalepasan, petjat-sawed teu atjan loegaj ti padjoearan, sarta wireh anoe djadi garwa lat lali kana soebaja tjaroge, nja eta teu kenging pakakas anggoan istri anoe ngaloehoeran andjeunna tea, atoeh pinanggih djeung bahja kaboeka rasiahna panjamoeran, anoe keur mantjala poetra, malik djinis ka djisim asalna tadi.

Barang garwana rek ngagoegahkeun tjaroge pedah geus siang, loemebet ka pagoelingan, ngadjerit ngedjat ngotjeak, ningal raka dina randjang teu aja, ngan kantoen anoe ngadjapapang sagede tjatang kalapa, boeaja pikagilaeun.

Sakadang boeaja reuwas rek tanghi ngadangoe anoe ngotjeak, tapi teu iasa, ras emoet ngilirik kana waroega, salira geus salin djisim, moelang kana roepa asal; nja teu madjar koemaha, kantoen soemerah kana papasten; ngan kantos wasiat heula ka garwana jen ti wangkid harita

146