Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/28

This page has not been proofread.
282. Oeing téh diarah pati
koe kakang rék dipergasa,
tapi kersana Jang Manon,
henteu bisa tinekanan,
karepna noe nganiaja,
nja toeloej oeing ditoendoeng,
didjoeal ka oerang kapal.
283. Ajeuna koe aki boekti,
oeing hiroep nadjan lara,
ngan awak djadi lamedong,
hideung beurang ngahaloeran,
koe areng ditjampoer geutah,
didjoeal ka noe loemakoe
djadi beulian di kapal.
284. Ti kapal didjoeal deui,
oeing dibawa ka pasar
dirogrog pada narangton,
ditawarkeun ka soedagar,
dipaké noekeuran bahan,
kapal noe roeksak di laoet,
nja digaleuh koe djoeragan.
285. Katjatoer tiloe pangatik,
ngoeping tjarios doenoengan,
sedih njoeroetjoed tjipanon,
barina aroendjoekan:
Agan tong dianggo manah
koe aki disoesoel-soesoel,
aki teu weléh néangan.
286. Ajeuna enggeus kapanggih,
aki noehoen ka Pangéran,
djembar ka salira Radén,
aki henteu panasaran
aro enggeus kapendak mah’
nadjan rék dipoendoet oemoer,
mangga soeka lilah pisan.
287. Hajoe siram baé Goesti
Keun koe aki oerang lokat.
Oerang pitjeun éta méhong,
balikkeun deui ka asal,

loebarkeun balang béngsalna,
montong lila-lila njamoer,
salira geura waloeja.
288. Énggalna Dén Siliwangi,
koe pangatik noe tiloean,
di lokat panjipoeh pamor,
dikebakkeun di waloengan,
didjampé bari didjiad,
tina mastaka diwoewoeng,
polédak loeloerna itjal.
289. Balik saasalna tadi,
datang tjahajasalira,
ninggang lendjang ngalénggéréng
sinar ébréh kaloehoengan,
kasép teu aja bandingna,
dasar tedak Ratoe Galoeh,
lain roepa poepoelasan.
290. Kasép bawana ngadjadi,
roepa wedalan déwata,
kasawoer sorot pasemon,
matak hébat anoe ningal,
salira éstoe satilas,
koelit enaj hoemboet kawoeng,
tjoereuleuk seukeut sotjana.
291. Pangamboeng soemedeng bangir,
ramboet hideung galing moentang,
halisna ngadjelér paéh,
waos bérés gilap bodas,
lambej damis nararinggang,
wanda ménak ampoeh timpoeh,
merenah keureutanana.
292. Ki Panandjoeng soeka seuri,
mireungeuh wanda doenoengan.
Gelap njawang témbong atoh,
Lampoeng djamboel boengah-boengah,
tiloean saroekan-soekan,
éngklak-éngklakan djalibroet,
silih gondjak djeung batoerna.,

172