Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/30

This page has not been proofread.
304. Mangga koe aki diiring,
geura sajagi ajakan,
eukeur wadah kembang eros,
boboko keur tempat lalab,
keun aki noe mawana mah,
poetri soeka liwat langkoeng,
djoeng angkat rék moepoe kembang.
306. Emban doeaan noe ngiring,
pada marawa ajakan,
Nji Tjentil njoeheon boboko,
norowétjo tjetjengiran.
hajang geura ngala katjang,
djaat gé arék dipoepoe,
lamoen enja mah beoahan.
306. Ka kebon Nji Poetri soemping,
kagét ningal kekembangan,
noe kamari pérang kénéh,
tétéla geus siang mangkak,
bonteng térong ngarandakah,
dina paranggongna rantoej,
malati soesoen laligar,
307. Euleuh enja geuning Tjentil;
Tjeuk Nji Poetri ka réntjangna,
laloempat paboro boro,
patjiweuh metikan kembang,
malati tjampaka warna,
alah ieuh koe kajoengjoen,
mana noe kami ajakan.
308. Nji Tjentil mah ngala hiris,
ngarondjangan pentil roaj,
ngaweswes ngakanan bonténg,
ngala leuntja djeung boeahna,
bari teu eureun ngotjomang,
handjakal djoeragan sepoeh
bieu teu dihatoeranana.

309. Njai Poetri Ambetkasih
tonggoj ngala kekembangan,
disérangkeun koe noe kasép,
Ki Panandjoeng ngadeukeutan,
api-api tetembangan,
hariring ditéma beloek,
djalang-djéléng ngamandoran.
310. Njai poetri ngala malati,
tjampaka anggang didongkang,
marol tengkèng noe ngagojot,
gero-gere ngagentraan,
ieuh aki barantoean,
koendangan oeing raridoe
ieu tjkelan ajakan.
311. Silah mah Tjentil njalingkir
montong miloe ngala kémbang,
sing djongdjon maroepoe térong,
tongkéng koe oeing sorangan
aki mana geuwat-geuwat,
ari aki bet koe kitoe,
toeh kembang gambir ragragan.
312. Gero deui gero deui,
bari panangan ngopepang,
sanggoel oedar teu karaos
ngagebaj ramboetna pandjang,
galing moentang bangbaraan,
ngaroembaj ngahibas tekoe,
katebak angin ngahelab.
313. Ngagoepajan noe keur ngintip,
noe neuteup paripolahna,
olohok Raden soemedot,
henteu poegoeh raraosan,
ningali bitis ngolènjaj,
badis lir djaksi sadjantoeng,
njatjas henteu kahalangan,

174