tjarogé, garwana mah teu lami deui poepoes kantoen poetra pahatoe lalis, geus teu iboe geus teu rama, nja eta anoe djenengan Mas Kérébét. Tina rnoerangkalih noenggelis, ladjeng baé disarambat koe anoe miwelas, dirorok koe sanak kadangna di Pengging. Nanging lami-lami saparantos ageung ladjeng ditjandak ka Tingkir koe tilas garwa Ki Gedeng Tingkir, mitrana Kebo Kanigara, oea Mas karebét, sadèrek ramana tea. Barang parantos djadjaka nja Mas Karebèt gentos djenenganana katelahna Djaka Tingkir.
Djaka Tingkir teu tjara djadjaka biasa, kersa kana borak - borak kasoekaan, ieu mah prihatin teu kendat tatapa, di soegri noe soeni meuting, matoeh di loehoer goenoeng, asroek asroekan ka leuweung, taja patapan kaliwat. Dina hidji poe sabot andjeunna keur ngahening handapeun kai, gok tepang sareng Soenan Kali Djaga. Koe Kangdjeng Soenan katingali jèn eta djadjaka komaraan, lain boedak djamak boedak, tapi njata kaantjikan kaloehoengan. Koe margi eta koe Soenan Kali Djaga dipaparin bongbolongan, koedoe koemawoela heula ka radja, Demak noe koedoe didjoegdjoeg, geusan djalan kana nekanan pangbedah kamoeljaan, anon geus koemandang di salirana. Djaka Tingkir nganoehoenkeun kana sapiwedjang Soenan Kali sarta sadaja piwoeroekna baris dièstokeun pisan. Ti dinja andjeunna pamit ka iboena anoe ngoekoet tea, jen rêk koemawoela njanggakeun salira ka anoe djadi radja di Demak, hojong diadjar tata tjara ngaheujeuk nagara, anggon - anggon ka parabon. Iboena teu tiasa ngoretkeun tina kamanah pitemaheunana, ngan di djangdjian koedoe ngoegsi ka Ki Gedéng selo, toemaros heula ka andjeuna koemaha pisaèeunana, sarta lamoen geus rneunang boeboekan ti dinja, engkè kakara teroes ka Dernak, ngadjoegdjoeg ka sadèrèknaanoe djadi kapala Gandjoer (pradjoerit) djenenganana Ki Gada Moestaka. |
Djaka Tingkir parantos djengkar ti dèsana rnadjoe ngalèr ngetan ngadjoegdjoeg ka Ki Ageng Sèlo. Barang ret Ki Ageng Sêlo ningali sampojongna Djaka Tingkir moendjoeng, ondjoeg — oedjoeg djorodjoj panggalih asih, ènggalna disambat sarta satoetasna dipariksa, ladjeng bae diangken poetoe, djadi tjatrik noe kadeuheus. Salamina Ki Djaka Tingkir teu tebih ti K. A. Sela, teu pisan meunang anggang, ka mana bae oge teu kantoen. Ari eta Ki Ageng Sèbo tea, siang wengi teu pegat moentang ka Pangèran koe hojong iasa nampi waris Madjapait, ngeréh sakoeliah Djàwa, reh ngaraos jèn andjeunna oge toenggal terah Brawidjaja. Koe margi eta andjeunná henteu kendat oesaha ngolah salira, tatapa njiar djalan geusan ngalaksanakeun paneda. Taja lian anoe dipeleng disalebeting kalboe, kadjaba Uti sihing Jang Widi, sangkan awal ahir tinekanan, oepatjara sawoeng galing kaprabon, aja bagdja ragrag ka toeroenanana Nadjan teu karandapan koe salirana, rèh roemaos joeswa geus tjoeweut ka hareup, tapi tetep teu gedèr galideur noedjoe maksoed sangkan kamoeljaan toemiba ka roendajanana. Eta margina noe mawi Ki Ageng selo sering njepi di noe soeni, djeung metakeun sarat tarèkah noe lian. Tapi ari Ki Djaka Tingkir mah ngingintil bae teu pisan kantoen, ka marnana ogé ditjandak. Dina hidji wengi Ki Ageng Selo angkat ka leuweung di Goenoeng Rèntjeh, pennahna Kalèr-- wètan ti Taroeb, kantenan di iring koe Djaka Tingkir. Barang parantos wengi soemping kana ranggon kosong tengah reuma, 1adjeng bae lebet, tina ngaraos palaj, doeg bae koelem di dinja. Doepi Ki Djaka Tingkir ningal goeroena èbog, gelèhè baè manehna oge ngagolér ditoendjangeun doenoenganana, reup sarè tibra. Sabot Ki Ageng Selo ngalenjap, bet ngimpèn, ari dina ètanganana andjeunna angkat ka goenoeng bade ngaboekbak leu- |
Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/4
This page has not been proofread.
148