Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/6

This page has not been proofread.

4. Pangèran Trenggono (réa putra).

5. Radén Kanduruan (Pangéran Panggung).

6. Radén Pamekas.

Sasurudna Radén Patah nya anu mangku kedaton putrana anu ka dua jenengan Pangéran Sabrang Lor téa. Nanging madegna naléndra teu lami, kabhujeng pupus, henten kagungan put­ra.

Ku sadaya tangtos kamanah, yén sapupusna ieu, anu kedah nema karajaan téh, putra Radén Patah anu ka tilu, nya éta Pangéran Séda Lépén téa, raina Sultan anu nembé mulih ka Kalang­gengan.

Nanging adat dunya hiri dengki jail kaniaya, geus ngaranjing ka anu nga­raos inggis, anu digémbang ku palangsiang, sieun buntu henteu jadi Ratu. Nya éta (para) putra Pangéran Trenggo­no. Duka uninga henteuna ari ramana mah, kana talajak putra ngumbar katelengesan.

Dina manahna tangtos pisan, upami Pangéran Séda Lépén néma karajaan, jumeneng Sultan Bintara, taya petana Pangéran Trenggono kana iasa jadi nar­pati, geus komo deui ari para putrana mah tinangtos katélér-télér moal aya anu kalungsuran kamulyaan, da geus moal boa deui, ti Pangéran Séda Lépén mah bakal ragrag ka putrana anu je­nengan Radén Panangsang téa.

Ku margi éta giligna panggalih putra Pangéran Trenggono anu cikal, jenengan Radén Perwata, taya lian pisarateunana ngan Pangéran Séda Lépén kedah ditelasan, ulah kungsi nampi waris kanarpatian.

Énggalna Radén Perwata laksana kersana, iasa nelasan Pangéran Séda Lépén.

Ku margi éta Pangéran Trenggono, ayeuna anu dijungjung lungguh jadi Sultan di Bintara (Demak).

Harita Radén Panangsang teu acan sawawa, uninga rama ditelasan, sarta nyata dibagal-bagal diarah ku karinah, ditaragal direbut makuta di caangna, manahna bati nalangsa, ngetek-ngetek

ngenes teu aya hinggana, saharita teu aya basa majar kumaha, tapi dina galih ngageremet.

Ari Pangéran Trenggono jujuluk Su1tan Bintara (Demak) téa kagungan putra genep deui.

  1. Istri, anu kagungan carogé ka Pa­ngéran Langgar (Sampang, Madura),
  2. Pangéran Parwata (anu nelasan rama Ari Jipang),
  3. Garwa Pangéran Kali Nyamat (Ja­para),
  4. Garwa Pangéran Cirebon,
  5. Garwa Dipati Pajang (Jaka Ting­kir),
  6. Pangéran Timur.

Kacarioskeun Radén Panangsang, na­jan ramana geus pupus, tapi henteu weléh ngarep-ngarep, aya basa sugan jeung sugan kerajaan remana ragrag ka anjeunna, da tétéla yén anjeunna anu éstu kagungan hadas, kudu jadi Sultan Demak.

Nanging nyolédat Radén Panangsang ngan ukur dipalér-palér dipeper ku tanah Jipang, kana jadi Sultan mah kawasna kapeungpeuk ku para putra para mantu Pangéran Trenggono, anu geus nyepeng kanaléndraan.

Kacarioskeun Pangéran Trenggono henteu patos sakumaha lamina ngadegna narpati kabujeng ku ajal, mulih ka Kalanggengan.

Tah anu pinemaeun ieu, satadina dina ajaman Radén Panangsang, keukeuh nya anjeunna pibakaleunana, nanging ari prak dina sangkana bet nyalahan, karajaan Demak ragrag ka Radén Parwata putra cikal Sultan anu nembé pupus, anu geus nelasan ramana Radén Panang­sang téa.

Atuh Radén Panangsang anu parantos jadi Aria di Jipang, kantun bendu ngudug-ngudug, raos dicolok ma­ta buncelik, panas ngentab teu aya hing­gana, napsu ku dua ku tilu, nya éta nyeri pédah ramana dikaniaya nepi ka di­telasan pisan direbut karajaanana, ari

150