Page:Poesaka Soenda 1924-(04-05)-2(10).pdf/9

This page has not been proofread.
dieak-eak, geus teu nolih di balai, gedjeboer bae Si Gagak-rimang dipeuntaskeun kana waloengan oempalan, hoyong geura der taroeng, teu tahan ningali anoe narangtang katjar anggang pangarahan.

Barang broes Aria Djipang ka tjai, ger ditempoeh koe wadia bala Padjang. Toembak, jamparing, bandring djeung pakarang noe lian, koe Aria Djipang teu aja anoe dihiding, haben ngangsog, koeda digedig soepaja geura soemping ka peuntas.

Poetra Ki Ageng Pamanahan tjarintjing taki-taki baris mapag koe toembak dimana Aria Djipang handjat. Sarta barang srog Aria Djipang ka darat, teu tata pasini deui djeplok bae ditoembak; teu katakis milepas manten kana lamboengna.

Nanging nadjan geus tatoe teroes ngamoek ngoewak-ngawik, salira geus mandi getih, nepi ka toentoengna broe ngaloempoeroek teu tahan tina dihoeroep koe pirang-pirang.

Saparantos Aria Djipang kasamboet, oerang Padjang oenggoel perangna, nja Ki Ageng Pamanahan nampi gandjaran ti Kangdjeng Soeltan Padjang dipaparin tanah Mataram, anoe harita masih keneh leuweung loewang-liwoeng. Ari Ki Pendjawi nampi pasihan tanah Pati, sakoemaha anoe parantos didjandjikeun tadi.

Tah, saparantos ngadadar lalakon Aria Djipang, ajeuna oerang malikkeun deui pangali malikan Ki Djaka Tingkir, naon margina sareng koemaha asal-moeasalna pang dipoeloeng mantoe koe Soeltan Bintara.


Aja samboenganana.


Ngadjadjah tanah Pasoendan.
Pamidjahan.


Samoelih ti Soekaurip Dramajoe, mentas ningali ngistrenan koewoe tea, mangga ajeuna oerang angkat ka Pamidjahan, sakalian oerang djarah ka makamna Seh Abdoel Moehji.

Ari Seh Abdoel Moehji teh saha tea? Sering ngoeping djenenganana mah, naha rawoehna ka dieu teh sareng-sareng Soenan Goenoeng Djati bade ngislamkeun oerang Soenda?

Euh manawi kagoengan sangka Seh Abdoel Moehji teh oerang Arab, pedah disebat Seh. Sanes, ari Seh Moehji mah oerang Soenda, toeroenan Ratoe Galoeh, ari tjek toetoeranana mah. Eta mah disebat Seh soteh seseboetan bae pikeun ngagoengkeun salirana alam Arab kawasa di oerang. Geuning ajeuna oge ka anu ngolontong elmoe Koelonna teh sok dibasakeun: Eta mah Toean. Seh Abdoel Moehji teh dibabarkeunana di Mataram, poetra Kijai Seh Lebe Warta Koesoemah, poetoe Kijai Kental Panengah, boejoet Sang Harepen Nembol. Ari eta Sang Harepen Nembol teh roendajan ti Galoeh. Ari iboena Raden Adjeng Tangan Djiah. Tah ngan ieu iboena wartosna tedak Arab, roendajan ti Kandjeng Rosoel.

Ari panginten teh oerang Arab. Atoeh ari kitoe mah karoehoen oerang. Hih, atoeh kantenan! Anoe mawi perloe oerang oeninga tea oge oelah kawarnahaan koe bedja.

Doepi eta pang linggih di Pamidjahan, kumaha awitna; naha djadi Dalem atanapi koemaha?

Sanes Dalem, Wali. Anoe mawi linggih di dinja ngahadja ngilari tempat anoe sirna, soepaja iasa djongdjon madepna ka Pangeran. Da ari soempingna ti Mekah mah ka Tjipinaha, kantos bumen-bumen didinja. Ngan patempatanana teu pati soeroep kawasna didinja mah, lantaran Tjipinaha djadi djembar kadoejaan matak ngagembang kana mantengna panggalih, maloem doenja tea, djadi pangrewong ari ka anoe laloehoeng mah. Nja ti dinja ngalih ka Pamidjahan.

Iraha bade angkat ka Pamidjahan teh? Oepami karempagan mah oerang ajeuna bae, meungpeung teu keur repot teuing koe damel.

Mangga oerang ajeuna bae. Ari batoer mah biasana djararahna teh moeroe tanggal 12 Moeloed atawa 10 Moeharam. Dina mangsa eta mah, asa di nagara bae Pamidjahan teh, djelema nojek aja reboena, tjeuk noe

153