Tepoengna pangantên awêwê djeung lalaki, nadjan keur ninggang dina goenoeng soeka, koe anoe djadi lalaki koedoe aja anoe dipapatkeun babatjaan, kieu Pokna; ,,tjoepoe manik tangkal dada, tan koemala eusina koemala inten.”
Ngomong kitoe teh bari rap manêhna njagap soesoe panganten awêwê. Djeung omongan ieu deui: ,,Malekat tjoeloek kawati, moelia rasaning Allah.”
. . . . . . . . . . .
Orok dibêreanana ngaran koe Poeoen, sarta tepi ka paêh tara goenta-ganti ngaran. Ngan lamoen geus boga anak sok katelah koe anak.
Tadi di loehoer ditjarioskenn jén oerang Badoej têh disoenatãn, malah di oenggal lemboer aja bêngkong (paradji soenat); pakakasna babango biasa hae. Mêmêh bret ugeureut, bêngkong mapatkeun djampe, kieu pok— pokanana:
„Poen! Sirep sari koering, sang rintjingrintjing eukeurna boemi tatjan deuk ngaroepa, kakara deuk awaking djeung noe rompes tiis bekanning biri leuwi, rep sirep keuna koe sirep sari koening!”
Oepama aja anoe geuring, nja sok dioebaran, ngan ngoebaranana lain ngingetkeun kana hajang têrêh tjageurna, tapi ngan tamba soepaja karasana oelah njeri teuing da ari tjageur henteunamah koemaha kersana Batara Toenggal.
Oepama aja anoe maot, dina imanna njawa teh disaoer koe Batara Toenggal.
Anoe maot dikoekoesan, menjanna: tjangkang doekoeh toehoer, kajoe — garoe, djeung akar djamaka.
Majit dimandianana di loear koe kokolot tea.
Bari njiraman manehnah mapatkeun djampê ieu:
„Poehatji balak bahan djati ngaran sirah tjai.
„Poehatji keliran djati ngaran sisi tjai,
„Poehatji inggoelan djati ngaran batoe,
„Poehatji tasik manik ngaran keusik,
„Poehatji lêngsaran djati dasar tjai,
„Sang moekeji ngaran tjai,
„Sang ratoe kerepek sêah ngaran paroeng,
„Sang ratoe anggara mana ngaran njawa tjai,
„Bersih badan sampoerna.”
Ngoeboerna majit njangirah ngoelon njanghareup ngidoel sanggeus dikoerebkeun, aja deui anoe mapatkeun djampe, kieu:
„Ong Ilahêng. ka ditoe oelah teupoegoeh ngadjoegdjoegan, ka ditoe ka kawoeng anoe ngaloewoek, ka kalapa anoe ngadjadjar, ka djambé anoe ngabêrês, ka si gelemeng hideung!” Oepama aja anoe katinggal maot koe salaki, heuleut tiloe taoen, meunang boga deui salaki, ngan tara daraekeun tina toehoe ka salakina noe maot tea.
. . . . . . . . . . .
Kadaharanana nja meh sami bae sareng oerang Soenda noe lian. Aja anoe njarios kieu:
Oerang Badoej sok ngarala loetoeng, di peupeuh koe gegendir nepi ka paeh. Rap dibebed loetoeng boengkeuleukan teh koe oepih, sok digantoengkeun di para seuneu.
Engké aja noe njaktjlakan tina oepih teh, tjai loetoeng téa, ditandean koe katoeng.
Oepami maranehanana ngangeun hiris, sangkan oeplek, sok ditambahan koe tJai anoe tina katoeng téa. Ieu téh djadi kanimatan pohara wartosna.
Nedana sadinten tiloe kali, isoek- isoek, tengah poé djeung sore samémeh sareupna,
Kongkorongok hajam sakali,djanari— djanari, sadaja awéwé haroedang, teu aja anoe ngaloeloengkoet ngararasakeun kangedoel sarta prak miroen seuneu naheur tjai toeloej njangoe keur njadiakeun dahareun isoek- isoek,
Lalakina ogé tara aja anoe hoedang kapiheulaan koé panon-poé; sarta sanggeus moemoeloek broel kabeh kana gawé satjabakna-satjabakna,
Papakéanana beunang ninoen awéwéna teu kaselapan beunang meuli sarta ngan bodas djeung boelao bae. Ari kana roepa anoe sedjén mah soemawonna maké, dalah njeboet ego boejoet. Saperti kana beureum, teu meunang njeboet beureum, da boejoet, koedoe siang. Kana hideung koedoe peutjeuk.
Nja kitoe deui réa sato atawa barang sédjén anoe djadi pantrangan, teu meunang diseboet ngaranna, tjontona: