Page:Poesaka Soenda 1924-06-2(12).pdf/7

This page has not been proofread.
dja di Padjang tea. . . . .

Rea keneh sosompang tjarita, anoe djadi marga lantaran Dja Tingkir diasih deui sarta tepi ka dipoeloeng mantoe teh, nja eta katingali karongkahan Dj. T. di pamoroan, bisa newak banteng, bisa mawa kidang leuweung hiroep-hiroep ka karaton, bisa njokot seupah anoe keur dilemar koe prameswari ti karaton, toer haneut keneh disanggakeunana ka Soeltan di pamoroan, sareng djabi ti eta. Tapi eta sempalan tjarios noe bieu tea moal didadar sadaja.

Nja kitoe deui naon soendana eta maesa danoe ngamoek keuna koe pamake, beunangna deui koe Djaka Tingkir tea, eta oge moal dipesek dibedjer-beaskeun, da kenging disasar dirarampa, moal boa eta teh pangraratanana lalakon oerang Gedong Pamingitan tea. Nji Dadoeng Hawoek ngamoek, meureun . . . . . . . . .

Ajeuna oerang ladjengkeun tjarios Ki Gedeng Pamanahan, anoe geus meunangkeun Aria Djipang sarta geus dipaparin tanah Mataram koe Soeltan Padjang.

Koe lantaran Ki Gedeng Pamanahan geus njepeng tanah Mataram, nja djenenganana oge ti harita mah nelahna Ki Gedeng Mataram (K. G. Matawis). Tanah Mataram leuweung geledegan keneh, nepi ka K. G. Pamanahan koedoe ngadangkal ngababakan koe andjeun. Tapi nadjan bangga teu bisa dianggo seunggah atawa wegah, estoe anteb pertjanten kana dawoehan Goeoe, nja eta Soenan Giri, anoe geus ngandika kieu: “Nja ti Mataram engke medalna piratoeeun anoe bakal lana marentah sakoeliah tanah Djawa teh. Mataram pinagaraeunana”.

Koe margi djoemoengdjoeng kana dawoehan Goeroe K. A. Pamanahan teu aja petotna neneda sareng oesaha sangkan laksana sadawoehan tadi, oelah tepi ka djalir njoledat kop koe anoe lian, tjeuk paribasa tea mah, lantaran djagangna koe oerang, djagongna hajang oelah tepi ka dirandjah batoer.

Eta margina K. A. P. siang wengi teu petot moentang ka Pangeran, tatapa moedja semedi. Katjarios eta K. A. Pa-

manahan kagoengan saderek sagoeroe anoe geus teu asa djeung djiga, djenenganana Ki Ageung Giring, madepokan di Giring Goenoeng Kidoel. Damelna didinja nja kana mandita deui; sarta teu liren ngolah njalira, neneda ka noe kawasa, koe hajang laksana kagoengan toeroenan anoe iasa ngaheudjeuk dajeuh madeg radja di sadjawa, sakoemaha anoe geus kadangoe koe andjeunna ti goeroena, Wali Soenan Giri tea.

Djadi batinna mah K. A. Pamanahan sarang K. A. Giring teh keur balap mareboetkeun tanah Djawa.

Dina hidji dinten isoek-isoek nalika K. A. Giring keur neang sadapan – kalapa anoe disadapna, kawantoe andjeunna teh ngabaroeng djeung djadi paneresan, bet ningali sadapeunana boeahan, aja doewegan noenggoel anoe teu katingali ti kamarina. Sabot keur bengong ngamanahan kalapa, bet ngong aja soara tan katingalan, anoe oengelna: ”Ala eta doewegan teh, sarta inoem beakkeun tjaina, sabab di djerona eusi wahjoe piratoeeun, saha-saha anoe nginoem eta, tangtoe nja eta noe pinoeroenkeuneun Radja Djawa!”. Ngadangoe soara kitoe, K. A. Giring teu rea saoer, ngan terekel bae kalapa teh ditaekan doeweganana geuwat diala. Dina galihna nganoehoenkeun ka noe kawasa, reh asa kaboel noe dimaksoed. Tapi lantaran harita isoek keneh, doewegan teh ngan kakara dikoepas bae, teu atjan dileueut, tina inggis teu seep, ladjeng bae ditjandak moelih, rek diarot pabeubeurang dimana keur hanaangna.

Di boemi sok teundeun dina para seuneu dititipkeun ka garwana, ngan teu ditjarioskeun rasiahna. Ti dinja mah ladjeung bae andjeunna angkat deui ka leuweung rek ngababad pihoemaeun. Katjarioskeun wengi eta Ki Ageng Pamanahan mentas moedja samedi njepi salira di Goenoeng Kidoel, endjing-endjing nembe logaj, ladjeng loengsoer bade moelih. Di djalan andjeuna sindang heula ka boemi K. A.Giring, sono tina geus lami teu tepang. Nanging njondong K. A. Giring teu aja geus angkat ka leuweung tea, ngan aja garwana bae.

183