Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/14

This page has not been proofread.

Barudak awèwè tèh ti mentés susu umur 11 atawa 12 taun, geus dikudu­keun ku indung bapana milu jaringan, dina unggal peutingan caang bulan tea, nepi ka pinanggih jodona. Lamun acan meunang mah tea aya lirènna terus baè.

Tapi da teu matak ngarugikeun ka ko­lotna, lantaran daratangna kana jaringan tèh, henteu ara disalin-salin acan, ieu mah sahinasna baè, papakèan atuh urut tadi ti beurangna tea, tan ngadadak mulas manèh, pakepuk nèmbok keur wedak, èstu sacerèwèlèna pisan, sanès cara u­sum ngaben kuda di Bandung, rea nu alus ku pulas. Lamun aya anu make datangna, tara aya anu mirosèa, tara di­dareukeutan, malah diparojok: „Bau Jawa”, cenah.

Eta barudak parawan peuting-peuting ngencar ti imah, diumbar campur jeung pihamaeunana, tea pikarempaneun tea pisan matak salempang teu aya pika­hariwangeunana mungguh urang dinya mah, nya eta tina pageuh nyekelna kaper­cayaan, yen jajaka teu meunang gana­-gana ngarinah milampah salah; lamun aja anu wani ngarempak larangan, nincak jalan karucahan, tan wandè keuna supata, kabèh pada anteb percayana, yen balukarna lampah salah tea, sok duma­dak parawanna jadi bagong, atawa ki jajaka jadi ngeukeupan paèsan. Hate anu jadi kolot, percaya henteu aya cangcayana, da maranèhna pribadi ba­heula geus ngalaman henteu ngarem­pak cegahan tea. Hariwang soteh horeng urang mah pedah nyaho yen aing oge geus serong.

Para jajaka anu daratang ka dinya teh anu niat neangan pijodoeun bae, sarta anu geus boga untupan geusan maradahna.

Sajeroning otel bari silih toel silih jembel tea, anu lalaki tea weleh ngileng mana anu pisurupeun kana lelembuta­nana, atuh awewe nya kitu keneh. Ngeun­teupkeunana pamilih teu gurung-gu­suh, mimitina mah anggeus ku kantanan didokankeun baè, ngan lamun geus lila, geus asak paningalna, kakara dijaring, hartina: dieurad si awewe teh ku karembong.­ Barang kerewéd kek bae dicekel Lamun Nyi Parawan tea ngagurinjal, teu leupas ku pangrungkup tea, eta tanda purun, tapi lamun jajaka sa­lah ijrahan, nyi lanjang boga tingal ka nu lian, nya geuwat dikepeskeun deui.

Upama ngarungkupna kabiruyungan ku nyi parawan, nya sok ditanya heula ku lalaki purun henteuna. Tem­bal awewe: „Ngaing mah kumaha bapa bae” Nyi parawan engke balikna dian­teurkeun ku jajaka tea, sarta ari da­tang ka imah pimitohaeun, atuh nyi lanjang mah bus baè ka imah, semah mah ditemonan ku kolotna.

Ku indung bapa awèwe anu boga ka­rep teh ditalek heula, pisanggupeun hen­teuna maradah rabi. Biasana ditanya: Geus boga sawah sabaraha bahu, boga jukung sabaraha, boga duit sabaraha.

Sanggeus asak subaya harita geus jadi benè-beureuhna (papacangan), isukna kolot awewe buru-buru ngadangdanan lisung, dikarembongan dikembangan di­rampean, minangka tanda geus aja nu nyangcang mancuh anakna, ngabejaan ka tatangga-tatanggana.

Nyi parawan angger bae ari peuting mah milu jaringan, ngan ajeuna mah otelna sempal guyonna, sihih udag sihih peupeuhna teh ngan jeung papacanga­nana tea bae. Lamina papacangan kitu, aya anu dongkap ka sataun tampolana mah, aya deui anu lima genep sasih, Sa­jero papacangan, lalakina kukumpul piwaragadeun nikah.

Prak-prakanana nikah.

Babakuna usum nikahkeun dina sa­sih Sawal, Hapit, Rayagung, aja oge anu dina Muharam. Unggal anu kawin ku­du bae make iring-iringan diarak di pa­kemitan; wiwirang tea aja hinggana La­mun kawinan henteu make iring-iringan teh. Upami panganten lalakina geus ko­lot, ngarasa era, nya kudu wakil, da nga­rak mah kudu, nja eta ngadangdanan jajaka sejen sabiasa panganten, tu­luy direndengkeun deung panganten awewe, breng diarak.

Nikah dirapalanana di masigit. Pangan­ten hahaki didangdanan: Baju bongkek