Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/2

This page has not been proofread.

siga pisan parahoe nangkoeb, beunang mapas ngan kari malikkeun; atoeh pisitoeeunana nja tanah padataran Bandoeng, kalioeng koe goenoeng noe bakal djadi tambakan; toeroeg-toeroeg di Tegal-loear, ari ti peuting téh raang pating aroenjai koenang-koenang, sasakala anoe keur ngo­boran lélépén Nji Poetri, ragrag basana keur dioedag-oedag koe Sang Koeriang téa, tjenah. Enja, siga!

Geura koemaha teu matak pageuh kana hajang mertjaja, da poegoeh sakitoe djéntréna! Malah teu koerang anoe noeding, ­sapalih mah aja anoe teu euleum-euleum ngangken jén toeroenan ti Sang Koeriang, poegoeh tjor-tjoranana madjar téh, Tampolana dipaké pamojokan ka Soenda . . . . . . . Tapi éta anoe bieu geus dienjakeun koeoerang, sarta satadina tempatna ogé tepi ka diseboet patilasan téa, engké dimana oerang geus liar ka tempat lian, atawa geus matja loeang-loeangna para boe­djangga geura djol baé kedal: „Iih! Naha? Naha bet di deungeun oge saroea djeung di aing?”

Tah, ana geus oeninga jén kitoe papajanana, si manahoreng sasakala mah, lain ngan di oerang baé ajana, lain ngan di satempat baé. Ana geus aja loeang éta toengtoengna téh bakal disenggakan koe: „Euh, paingan! Koetan kitoe!“

Geura mangga taléngténg sasakala Rawa Dano di Banten, bet sami pisan sareng lalakon Sangkoeriang téa, sami pisan sareng sasakala bangsa Kalang di Djawa, sareng sasakala-sasakala di patempatan sanés, pada kitoe papajanana, teu aja bédana sa anoe oerang téa baé.

Geura oepama koe oerang ditjoektjroek dihaben didjoedjoet raratanana sadaja tjarita-tjarita poesaka di oerang, boh anoe aja dina sasakala, boh anoe geus dipadjarkeun babad téa, engké kaoeninga jén éta lalakon-lalakon téh teu ingkar tina oege­ran, enasna tjarita geus aja patokanana, ngan kari mapaésan nambahan sosom­pangna, masieup reudjeung njoesoeroep kamana ngeunteupkeunana, ngarah siga asa enja.

Kawasna ari anoe djadi loeloegoe maksoed anoe kagoengan pokal mah, taja lian ngan piwoelang, siloka oedageun oerang, pikeun eunteung noe pandeuri, oegeran, pipadomaneun. Kantoen oerang noe ngoen­dangan, masing telik asak sasar, oelah arék kapidangdoeng, ngaenjakeun kana gelarna tjarita, milain ka asalna tadi.

Geura mangga roetjat tjarita Tjioeng Wanara, Loetoeng Kasaroeng, Dajang Soembi sareng sadjabi ti éta, ladjeng dibanding-banding sareng dongéngna tatangga oerang, oerang Djawa oerang Ba­li, oerang Malajoe, toeloej seser kapoe­hoena madjoe ngoelon ka Hindoestan, tangtoe engké kaoeninga koemaha asal ­moeasalna, naon noe djadi poko patoka­nana; Tjoektjroekan éta, goena geusan ngalajeutkeun, sangkan timboel rasa toenggal, oelah todjaiah pasalingsingan harti, anoe matak ngarenggangkeun pa­sanakan.

Dina tjarita Tjioeng Wanara ka­oengel kanagan anoe eusi orok téa dipalidkeun ka waloengan.

Lebah dieu réa kolot noe patelak, tjeuk sawaréh dipalidkeun ka Tji­tandoej, ari tjeuk sawaréh deui: „Ih, lain ka Tjitandoej, tapi ka Tji­taroem, toeh di Oedjoeng Karawang njang­sangna, kana badodon Aki Balangantran Nini Balangantrang!”

Tah geuning geus paakoe-akoe, madjar batoer anoe salah, tina asal asa enja téa, teu oeninga sadajana ogé oekoer tjarita. Toengtoengna ngan mareboetkeun oenén-oenén, teu miroséa kana enasna noe enja téa.

Oepama koe oerang didjoedjoet, tja­rita Tijoéng Wanara téh, tétéla tjoetatan tina papagon lalakon kieu:

  1. Radja ngadodja adjar goena wisésa.
  2. Garwa Radja kalepasan djoerig, toeloej bobot. Radja kagoengan sangka poetra anoe keur dina wewete­ngan bakal ngalindih. Panganiajana noe djadi maroe, téga ka poetra ka­walon.
  3. Baji dipalidkeun njangsang dina tataheunan.
  4. Anoe boga tataheunan ngimpi aloes. Manggih orok.