Page:Poesaka Soenda 1924-07-3(01).pdf/8

This page has not been proofread.

kadieu baè menta papagan ki Laban!”

Papagan Ki laban dibeuweung ku Sang Pandita, sewur diburakeun ka tabèh We­tan, barabay cahaya kingkilaban tanda beurang tèrèh datang, siga udat sorot srangengè meletèk.

Atuh para siluman anu keur digara­rawé tèh curinghak reuwas ningal sinar caang, dina sangkana tètèla yèn kabeu­rangan.

Atuh teu rèa carita deui buriak baè malabur henteu nolih, kana hanca acan anggeus. Malah Radèn Sawangsara ogé tina ngaraos wirang lajeng baè lolos ma­joe ngètan tatapa di Temu-ireng distrik Comal (Tegal).

Nyi Putri Sepirasa tea lami ti harita jengkar ti patapan leuleuweungan ka­repna mah rèk nèangan putra sugan kapendak deui, panasaran ku ras tadi henteu kungsi pancakaki.

Teu kacarioskeun sabaraha taun lami­na, Sepirasa gok patepang sareng nu tas tatapa di Temu-ireng, nu lagas menda­kan duda, itu imut kuring seuri, horèng ari majang kalangkangan, nu pangling di­lawan lali, mulih sareng rêrèntètan.

Rangkep laki-rabina lubus mubus ne­pi ka puputra tilu: 1 Raden Lembu Manguntur, 2 Raden Lembu Peteng, 8 Raden Lembu Limunan.

Dina hiji mangsa Ki Temu-ireng mundut dipundayan, gêlèhè èbog kana pangkonan garwa, atuh prak ditindesan dipèpètan, rambut disuay disugri, ari brèh cèda keloh tapak sinduk.

Nyai Sepirasa ngarènjag, reg mèpèta­nana liren, bari neuteup ngawaskeun pa­meunteu anu eukeur dina pangkonan. Tètèla tea samar deui yén putra, tapi nya­capkeun kapanasaran, mariksakeun heula ka raka, asal-asalna pang aya cèda kitu dina mastaka.

Atuh galantang baé ku anu keur di­pundayan tèh didongèngkeun, Nyi Putri Sepirasa teu tahan, kocèak baè nangis, ngajerit maratan langit, mi­dangdam sasambat mundut hampura ka Déwa, bari ditungtungan saur: ,,­Ujang, bisi teu nyaho, nya ieu ibu maneh tèh, ibu eta anu ngetrok tèh baheula!”

Rakana hookeun teu sasaoeran.

Putri Sepirasa kojengkang bae nge­jat lajeng tatapa deui di curug Ciputri walungan Cipedes desa Bendo ayana di wates Bumi-Jawa jeung Bu­mi-Ayu (Tegal).

Tapi samèmêh ngantunkeun putra Nyi Putri miwulang heula, nya eta satu­run-turunanana kudu tumut kana papagon ieu :

  1. Lamun rèk kariyaan kudu neun­deun heula piring beunang ngawuran ku tipung atawa ku lebu, tuluy rurub ku boèh, engkè bakal aya tapak anjing dina eta pining.
  2. Lamun rèk ngawinkeun kudu neun­deun hulu munding atawa hulu sapi dina handapeun papayon, sarta kudu dikembangan dikukusan. Dimana bèsan datang, kudu Liru­sambut, hartina: bésan awèwè nga­leng bèsan lalaki, besan balaki ka besan awèwè, tuluy pakaleng-kaleng kana hulu munding tea, brek kudu tarapak deku nyalanghareup ka eta hulu munding tea, cong nya­rembah tujuh kali.
  3. Lamun kapapatènan, kudu nyieun bonéka dirupakeun anu maot tea, didangdanan ku papakèanana diteun­deun di enggon anu maot, beurang peuting disajagian sasajèn sangu lalawuhna cai asak hèrang, sang­geus 40 poe eta boneka kudu didu­ruk.

Saparantos Suwangrasa dikantun ku ibuna, anjeunna mah jeung putra anu tilu ngaralih ka dèsa Wanakalang, turun tumurun jadi urang dèsa Kalang­wètan jeung dèsa Kalang-Kulon ayana di distrik Comal (Tegal).

Urang dinya kawentar gareulis baba­kina kanasèp, ngan baretona mah nya ki­tu katurunan luluhurna teu boga karagab, nyokotna jodo tèh teu jeung pa­milih, kajeun indung kajeun dulur teu aya basa kumaha. Nanging saparan­tos kapanjingan agama mah robah, be­jana.