PANGANTEUR
Dina bulan Maret 1986 di Lembang geus lumangsung hiji Seminar Kabudayaan Sunda”' nu diayakeun ku Sundanologi. Tulisan Ajip Rosidi dina ' Mangle no. 1048, No. 1050, jeung No. 1051, anu dijudulan "Ngabina jeung Ngamekarkeun Kabudayaan Daerah (Sunda)”' asalna mangrupa makalah nu ditepikeun ku Ajip dina eta Seminar. Ti sabarang dimuat dina Mangle, kana eta tulisan tingtorojol reaksi, nya eta ti Saini K.M. (Mangle No. 1052), Djadja Sargani (Mangle No. 1053). F.Djajasudarma Idat A. (Mangle No. 1055), Beni Setia (Mangle No. 1056) jeung Popo Iskandar (Mangle No. 1060). Eta tulisan anu beunang disebut polemik sipatna teh sakabehna dihi- jikeun ngajadi ieu buku.
Tulisan Ajip Rosidi eusina dimimitian ku pedaran dasar-dasar hukum ngeu- naan hak hirupna kabudayaan daerah saperti anu kaunggel dina Pasal 32 jeung 36 UUD 1945 (katut 'penjelasan'-nana). Pikeun netelakeun yen masarakat Sunda teh puguh jentulna, nya eta mangrupa hiji masarakat seke bangsa nu geus ngabogaan kabudayaan jeung basa sorangan nu tangtu tur maneuh, Ajip kalawan imeut sarta kritis medarkeun kaayaan sajarah urang Sunda. Eta pedaran teh sigana diperlukeun ku Ajip pikeun netelakeun yen kabudayaan jeung basa Sunda teh bener-bener mangrupa kabudayaan jeung basa nu dipimaksud ku eta pasal 32 jeung 36 UUH 1945, nu dina kalung- guhanana sarua jeung kabudayaan sarta basa daerah lianna, pada-pada kaasub "kebudayaan yang timbul sebagai buah usaha budinya rakyat In- denesia seluruhnya." Saterusna tulisan Ajip nyoko dina basa Sunda, babakuna dina perkara undak-usukna. Tina hal ieu pisan timbulna reaksi teh.
Sabenerna soal pro jeung kontra undak-usuk teh, ceuk F. Djajasudarma geus aya ti beh ditu keneh. Dina tulisan Popo Iskandar kacatet yen dina taun 50-an, M.A. Salmun pernah ngasongkeun pamadeganana ngeunaan perluna ngademokrasikeun basa Sunda, Ngan sigana jurus demokrasi basa M.A Salmun rada kurang weweg kuda-kudana, da iamun rnaca tulisan Popo Iskandar mah siga eteh geleng nepi ka ngan bisa ngelid ku kecap-kecap: “De kuring mah lain rek ngaleungitkeun basa lemes,” Naha dina ngedalkeunana kacirina bari balakam-belehem eta M.A Salmun teh atawa bari nembongkeun ulat daweung ludeung, moal dijadikeun catur di dieu.
7